Rabu, 13 Juli 2011

Si Brewok

Dina beus nu keur nyemprung di jalan tol, aya hiji wanoja kabelet hayang kahampangan. kulantaran beus teu meunang eureun, eta wanoja ku konektur piwarang kahampangan ti lawang panto pengker, ngan edas, waktu keur kahampangan aya mobil patroli di pinggir jalan. langsung beus di udag di stop sina ka pinggir. polisi naek kana beus bari p...opolotot

" saha nu tadi nyiduh ti lawang tukang?"
teu aya saurang oge penumpang anu nuduhkeun, jigana karunyaeun ka si wanoja

"lamun teu aya nungaku, mobil ieu ditahan... teu meunang indit" ceuk pulisi bari panonna mureleng ka panumpang di awaskeun hiji hiji.

kulantaran teu aya nu ngaku, akhirna si wanoja teh ngaku ka pulisi sarta menta dihampura geus ngalakukeun kasalahan

" BOHONG!!.....pasti lain maneh! nu tadi nyiduhan mah lalaki brewokan" ceuk pulisi ngambek ka si wanoja

Tidak ada komentar:

Posting Komentar