Minggu, 24 Juli 2011

MAJALAH...

Dina hiji waktu, aya budak kapanggih ku bapana keur ningalian majalah husus dewasa. “Astagfirullah, na ari sia leutik-leutik geus ningalian gambar kitu!! Kadieukeun siah eta majalah! Si bapa nyentak bari ngarawel majalah porno nu dicepengan ku anakna tea. Eta budak ngadegdeg sabab geus katohyan. Si Bapa tuluy mukaan eta majalah salembar-salembar. Pas lembaran ka hiji. “Yaa.....ampun, ieu gambar naon siah? Jorok!” ceuk si bapa. Budak cicing bari nginghak. Tuluy eta majalah dibukaan deui. “Ya aaa....Robi, silaing mah geus wani-wani boga majalah kieu!” ceuk si bapa nyentak bari terus mukaan halaman majalah. Nepi ka halaman terahir eta majalah, si bapa langsung ngomong: “Yaaaaaaaaa....beak geuningan!”

Tidak ada komentar:

Posting Komentar