Senin, 25 Juli 2011

BULAN PUASA

Sanajan aki Ajum teh umurna mah geus tunggang gunung, tapi awakna masih keneh sehat, jagjag, malah masih keneh kuat mencug, kurad kored, tucab-tanceb di kebonna, anu anggangna ti imah manehna aya ari 5 Km mah jauhna..
Ngan ari kanyahona kana bag-bagan agama mah kaitung rada elat. Dina bulan puasa anu geus kaliwat, manehna rek indit ka kebon rek barang gawe.
Aki: "Nini, Aki rek ka kabon, rek ngored kebon suuk, da tangtu jukutna geus rarenung deui."
Nini: "Heueuh, jung wae atuh, meungpeung masih keneh isuk, Aki."
Aki: "Aki bekelna keur dahareun geus dibungkus? Sakalian jeung caina deuih!"
Nini: "Haar ari aki, apan didinya teh keur puasa lain? Make jeung kudu mekel kadaharan sagala?"
Aki: "Heueuh atuh ari keur puasa tea mah; tapi kumaha lamun Aki poho yen Aki teh keur puasa, rek ngadahar naon?"
Nini: "Aeh heueuh nya Aki, ke atuh dagoan Nini rek mungkusan dahareun, caina mah kana botol bir we nya?"
Aki: "Heueuh, buru-buru atuh!"

Tidak ada komentar:

Posting Komentar