Selasa, 12 Juli 2011

Domba

JANG Udin, Mahasiswa Peternakan tingkat akhir keur jalan-jalan, kabeneran panggih jeung tukang ngangon domba bari dibarengan ku reueus, Jang Udin nanya:

“Mang, kenging naros teu?”
...“Mangga aya peryogi naon aden?” cek tukang ngangon
“Eta domba meni sarehat kitu, dipasihan parab naon mang?”
“Anu mana den? Anu hideung anu bodas?” tukang ngangon malik nanya.
“Mmm anu hideung heula lah……..” Udin bari nunjuk.
Ooh pami nu hideung mah parabna jukut baseuh”
“Ooohh….pami anu bodas?”
“Sami nu bodas oge!” jawabna
“Hmmm…. kuateun leumpang sabaraha kilo meter unggal dintenna, mang?” Udin nanya deui.
“Anu mana den? Anu hideung anu bodas?” jawabna
"Mmm anu hideung heula lah……..”
“Anu hideung mah 4 kilo meter!”
“Ooohh….pami anu bodas?”
“Sami nu bodas oge!”

Jang Udin mimiti keuheul, terus nanya deui, “Sabaraha kilo hasil tina buluna unggal taun mang?” Udin nanya bari rada muncereng.

“Anu mana den? Anu hideung anu bodas?”
Udin (bari rada ambeuk): “Mmm anu hideung heula lah……..”
“Anu hideung mah 10 kilo unggal taunna!”
“Ooohh….pami anu bodas?”
“Sami nu bodas oge!”

Geus teu kuat nahan emosi, Jang Udin mimiti ngambek: “Ari ente kunaon sok ngabeda-bedakeun jawaban? Domba bodas, domba hideung, padahal jawabanna sarua!”

“Oh.. numawi kieu den, upami anu hideung mah kaleresan abdi anu gaduhna”
“Oh kitu, aduh! Hapunten atuh mang! Hapunten! Panyanten teh! Na upami nu bodas nu saha kitu?”

“Sami, anu abdi oge............

Tidak ada komentar:

Posting Komentar