Selasa, 12 Juli 2011

Pohoan

Geus dua bulan Propésor Oding dirawat ku Dokter Kodir. Teu gering teu naon, éstuning jagjag belejag. Pangna dirawat téh éta cenah, pédah kasakit limpeuranana kanceuh deui. Mangkaning keur ngahanca panalungtikan nu penting pisan keur balaréa.

Sajeroning ngubaran, Dokter Kodir ngeprik anak buahna, nepi ka tujuhan. Propésor dijaga beurang...-peuting, dalah keur saré gé dikemitan. Pangna kitu, bisi tina kasakit pohoan téh aya kajadian nu matak nyilakakeun Ki Propésor. Tapi ari geus mangsana, nya geletuk wé maot.

Dokter Kodir pada ngaréntog.

“Doktér, Propésor Oding téh apan jagjag belejag, henteu gering, ngora kénéh deuih. Kasakitna ukur pohoan wungkul, naha bet bisa maot?” cék hiji wartawan.

“Enya, sakitu dijaga ku tujuhan!” cék nu séjénna.

Pudigdig téh Dokter Kodir napsu. Terus hahaok hareupeun saréréa pok na teh :

“Lamun manéhna pohoeun ngambekan, rék kumaha siah?”

1 komentar: