Kamis, 14 Juli 2011

NU SUING

Disalah sahiji tajug kacaritakeun wa haji encung nuju ngawurukan barudak ngaji, ngan salah sahiji muridna anu ngarana Ardasim kabeneran biwirna rada teu jejeg alias suing :
 Wa haji  : Cing jang sebutkeun alif
Ardasim      : aliiiiip
Wa Haji   : baaaa
Ardasim  : mpaaa
Wa Haji : lain mpa tapi baaaa, perhatikeun ku maneh dina harkat jeung tajwidna (si uwa rada muncereng)
Wa Haji : sok sakali deui....baaaa..!!
Ardasim : mmmmpaa..
Wa Haji : ( keuheul jeung ngamaklum) sok tuluykeun..!!
Wa Haji : jim..
Ardasim : jiiiip..
Wa Haji (ambeek) lain jip atuh, tapi jim..cing sok sebutkeun..!
Wa Haji : jiiiim
Ardasim : Jiiiiip
Wa Haji : lain jip!!eta mah treuk goblog..!!!


 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar