Minggu, 31 Juli 2011

HAYAM

Cep Dedeng di gawe di hiji peternakan hayam. Hiji mangsa, bosna, John Towor kenging orderan 50 hayam.
Deng, cik pang anterkeun hayam ka alamat ieu, ulah salah, nya!
Siap, boss! Ceuk cep Dedeng bari narima alamat nu pesen.
Cep Dedeng gura-giru ngakut eta hayam negeri, make motor. 25 dikenca, 25 di katuhu.
Di tengah jalan, aya neng Atin. Atuh eureun heula. Ngobrol uplek naker. Keur kitu teh, hayamna kalabur.
Ningali kitu, cep Dedeng kalah ka seuri ngeunah.
Neng Atin heran. Kang Dedeng! itu hayam kalabur!
Ah, keun bae, moal kamana-mana, da alamatna di saku urang keneh! ceuk cep Dedeng kalem.

WAU VS ALIF


Kacaturkeun, hiji mangsa.
Wan Abud, duda urang Arab jadi kawin ka Nyi Uneh Parawan ting ting urang cibolerang.
Ari Nyi uneh tea, kajeun awak na geus jebrog oge, ari pangalaman jeung elmu pengetahuan tentang per Lelakian mah, maneh na teh estu bodo katotoloyo.Dina peutingan pangantenan.
Wan Abud, geus siap ucul ucul nya sarua kitu oge Nyi Uneh….
Eta mah barang, Nyi Uneh ningali Parabot Wan Abud nu sagede Panakol Bedug, Nyi Uneh langsung Ngagorowok…..
Nyi Uneh : Waaaaaaau…….!!!!!!!!!
Mireungeuh Nyi Uneh ngagorowok kitu, Wan Abud satekah polah nenangkeun Nyi uneh,
Wan Abud : Tenang,….Tenang ….Nyai, ieu mah syaness Wau taffi ieu
mah Allifff……..

Senin, 25 Juli 2011

NGOLOMOH

Pa guru nuju ngajar di kelas 1 SD. kumargi waktos tos jam 12 pa guru masihan pertanyaan ka muridna_ cnah saha nu tiasa ngajawab pertanyaan pa guru, tiasa uih.
pa guru : barudak naon bae nu bisa di kolomoh?
udin : permen pa.
pa guru : udin balik.
aming : kojek pa.
pa guru : aming balik.
bedu : cempor pa.
pa guru : naon bedu maneh ngajawab cempor, emangna cempor bisa di kolomoh?
bedu : tiasa pa... pedah we wengi tadi ema nyarios ka bapa kieu_ bapana pareuman cempor urang kolomoh .

AKAL

Geus jadi kabiasaan Jang Ahmad, sobat salakina, unggal wancina dahar beurang sok datang ka imah Nyi Ipah ngadon milu dahar.

Keur jaman kiwari nu sagala serba mahal mah puguh we sagala teh kudu diirit-irit, kukituna kadatangan Jang Ahmad teh malah jadi nambahan beban kaluarga Nyi Ipah.

Dina hiji beurang kurunyung Jang Ahmad datang ka imah Nyi Ipah.

Jang Ahmad :"Kumaha Nyi wartosna.... damang ?" ceuk Jang Ahmad bari basa-basi

Nyi Ipah :"Sae kang..." bari rada bendu

Jang Ahmad :"Pami Kang Dadangna cageur ? nuju kamana...?"

Nyi Ipah :"Nuju di kebon, nya eta Kang Dadang teh rada kaganggu emutanana ayeuna teh.....". Nyi Ipah ngabohong bari masang taktik.

Jang Ahmad :"Na kunaon kitu ...?" bari semu heran

Nyi Ipah :"Nya duka kumaha Kang, ayeuna mah unggal aya tamu Kang Dadang teh sok neunggeul tamuna ku halu..."
Ngadenge kalakuan sobatna jadi owah, Jang Ahmad tuluy amitan....teu lila datang Jang Dadang, salaki Nyi Ipah.

Jang Dadang :"Aya saha tamu bieu teh Nyi ?"

Nyi Ipah :" Eta..... Kang Ahmad rek nambut halu ngan ku abdi teu dipasihkeun..." bari ngabohong

Jang Dadang :"Naaa atuh halu-halu wae........kadieukeun urang susulkeun..."

tuluy Jang Dadang nyusul Jang Ahmad bari mamawa halu. Teu lila Jang Ahmad geus mimiti kaciri tereh kasusul. 
Jang Dadang gogorowokan ngageroan Jang Ahmad bari ngacungkeun halu. Puguh we Jang Ahmad beuki tarik lumpatna pedah nempo Jang Dadang ngudag-ngudag bari ngacungkeun halu.

BULAN PUASA

Sanajan aki Ajum teh umurna mah geus tunggang gunung, tapi awakna masih keneh sehat, jagjag, malah masih keneh kuat mencug, kurad kored, tucab-tanceb di kebonna, anu anggangna ti imah manehna aya ari 5 Km mah jauhna..
Ngan ari kanyahona kana bag-bagan agama mah kaitung rada elat. Dina bulan puasa anu geus kaliwat, manehna rek indit ka kebon rek barang gawe.
Aki: "Nini, Aki rek ka kabon, rek ngored kebon suuk, da tangtu jukutna geus rarenung deui."
Nini: "Heueuh, jung wae atuh, meungpeung masih keneh isuk, Aki."
Aki: "Aki bekelna keur dahareun geus dibungkus? Sakalian jeung caina deuih!"
Nini: "Haar ari aki, apan didinya teh keur puasa lain? Make jeung kudu mekel kadaharan sagala?"
Aki: "Heueuh atuh ari keur puasa tea mah; tapi kumaha lamun Aki poho yen Aki teh keur puasa, rek ngadahar naon?"
Nini: "Aeh heueuh nya Aki, ke atuh dagoan Nini rek mungkusan dahareun, caina mah kana botol bir we nya?"
Aki: "Heueuh, buru-buru atuh!"

SARUA KENEH

"Pun anak mah alhamdulillah naek jabatan."
"Janten naon?"
"Tina tukang sasapu janten Cleaning Service."
"Oh, sukur atuh. Komo pun anak mah tos dua kali naek pangkat."
"Kutan, kumaha tah?"
"Ngawitan mah tukang jaga, teras janten satpam, ayeuna janten security."

ANAK GURU

Agus: "Des,  Desi dibabarkeun sasih desember, nya?"
Desi: "Leres.pami Kang Agus pasti sasih Agustus, nya?"
Agus: "Abdi mah sasih April."
Desi: "Geuning namina Agus?"
Agus: "Saur Mamah mah singketan ti Anak Guru SD."
Desi: ???