Selasa, 12 Juli 2011

Baragajul

Di rohangan pengadilan Hakim nitah ka pasakitan nangtung pikeun ngadengekeun tuntutan. “Anjeun didakwa tos ngarogahala tukang ledeng ngagunakeun ragaji!” Beres hakim macakeun tuntutan, aya salah saurang lalaki pengunjung sidang ngajorowok: “Kurang ajaaaar siah!” Hakim mimitina mah teu nganggap. Manehna nganggap eta lalaki teh kulawarg...a tukang ledeng nu boga dendam ka pasakitan. “Harap tenang! Ieu ruang sidang!” ceuk Hakim nenangkeun ka eta lalaki nu ngajorowok tadi. “anjeun, terdakwa didakwa oge geus ngarogahala tukang pos ngagunakeun palu!” “Goblog siah dasar!” si lalaki nu diuk di deretan pengunjung sidang ngajorowk leuwih tarik batan tadi. “Tenang! Tenang! Saderek bisa tenang? Saderek tong ngaganggu jalanna sidang!” ceuk Hakim bari terus neruskeun dakwaan berlapis ka pesakitan. “terdakwa oge dituntut hukuman sabab geus ngarogahala tukang es ku pacul!” “Pikasebeleun siah!” ceuk eta lalaki pengunjung sidang. Antukna Hakim oge ahirna kesel ka eta lalaki: “Ayeuna, lamun saderek tetep ngaganggu jalanna persidangan, saderek bakal dibawa oge ka korsi terdakwa kusabab geus ngaganggu jalanna persidangan. Tapi, lamun saderek bisa ngajelaskeun kunaon saderek bet jojorowokan ti tatadi, saderek bakal bebas tina tuntutan!” Si lalaki nu jojorowokan tadi terus ngomong: “Rek teu ambek jeung kesel kumaha atuh Pa Hakim! Kuring teh pan tatangga manehna salami kurang leuwih dua belas tahun! Tah, salila dua belas tahun teh unggal kuring nginjeum ragaji, palu, jeung pacul….manehna pasti ngomong: teu boga! Dasar koret..keked mengkene siah tatangga baragajul!!!”

Tidak ada komentar:

Posting Komentar