Sabtu, 16 Juli 2011

SETRUK

Saprak aya iklan cai enteh anu dibotolan berhadiah kujalan ngumpulkeun setrukna. Anu jajan, boh direstoran atawa diwarung sok tara poho nanyakeun setrukna. Malahan jang Ibro waktu keur apel disuguhan cai enteh ku bebenena, manehna ngaharewos.

"Yang....kade hilap setrukna !" padahal cai enteh anu disuguhan teh lain anu dibotolan, tapi ngadadak naheur dina hawu.

Kocapkeun dihiji restoran, dihareupeun kasir ngagimbung anu nek mayar kadaharan kumplit jeung inuman cai enteh nu dibotolan tea, keur ngagimbung kitu, aya salah saurang jalma nu teu sabar hayang geura meunang setrukna, tur langsung ngagorowok kakasir.

"Gewat euy setrukna, dewek butuh pisan !" Pokna rada teugeug

"Sabar atuh kang !" tembal kasir bari baeud.
Sanggeus meunang setruk mah sijalma teh, langsung we ngabecir kaluar, atuh puguh we si kasir nyalukan.

"Kang ieu katuanganana diculkeun wae !"

"Mangga we kanggo eneng, abdi mah butuh setrukna wae !"
"Jadi ujang teh butuh setruk kitu ?" ceuk hiji jalma tengah tuwuh,anu kakara asup tur leungeunna semu ngoroncod sarta mamake iteuk.
"Eh..muhun pa...abdi butuh pisan...naha bapa kagungan kitu ?"

"Puguh bapa teh tos lima taun gaduh setruk, mangga upami peryogi mah ku bapa bade dipasihan... bapa mah tos bosen ngubaran !"

Tidak ada komentar:

Posting Komentar