Selasa, 12 Juli 2011

Sapi Tapos

hiji mangsa peternak sapi (salaki jeung pamajikan) nu di Pangalengan studi banding ka TAPOS ( nu mbah harto tea geuning ) , meh tiasa nyonto ngurus sapi nu unggul, bari abring-abringan di pandu ku instruktur na ti tapos.
Instruktur : Tah ieu sapi nu ageung bibitna ti nyu selan, sapi nu ieu tiasa kawin 5 kali sadinte’n.
Ibu : (bari noel ...ka salakina), tuh apana sapi ti nyu selan mah tiasa 5 kali, sadinte’n, apa tiasa teu?
Bapa :*&^%$#@ (salakina ngan ukur jame’dud) .
Instruktur : Tah pami ieu langkung ageung ieu mah, ieu sapi ti ustrali, ieu mah sadinte’n tiasa 10 kali kawin.
Ibu : teuh apana tiasa 10 kali ieu mah, apa tiasa teu (bari noel)
Bapa : (Bari ngagidir nafsu) ke ke keheula yeuh Instruktur ieu teh 5 jeung 10 kali kawin teh bikangna hiji.
Instruktur : Nya he’nteu atu pa!!! itu pan bikangna sakitu seueurna di kebon jukut.
Bapa: Tuh ibu! bikangna seueur kengeng teu bu?
Ibu : *&^%$# ( malik jamedud )

Tidak ada komentar:

Posting Komentar