Kamis, 14 Juli 2011

OPEN

Si Kabayan keur ulin ka amerika , bubuhan meunang undian tina cangkang kopi cap pepedut, sabot manehna keur aya di sisi jalan, ku manehna katempo aya tulisan OPEN dina salahsahiji panto gedong agreng..si kabayan kacida reuwaseun naker,"euleuh geuningan didieumah OPEN keur nyieun kueh teh mani sagede kieu" ceuk dina pipikiranna, sabot keur   uleng mikiran jol aya jelema asup kana eta gedong...si kabayan rikat ngahalangan lawang panto bari pok nyarita "Aduh mister ulah asup kadinya bisi tutung.!"si urang bule teh kacida reuwasna ku polah si kabayan samodel kitu, bari tuluy asuk ka eta gedong...teu kungsi lila tina eta kajadian, ti jero gedong teh bijil urang negro, barang nempo eta jelema, sikabayan nyarita ngagorowok bari tutunjuk ka eta urang negro " ceuk aing ge tutung tutung..!!! da silaing mah teu meunang dibejaan, rasakeun we mun geus tutung kieu rek kumaha..!!!"
urang negro :??????

Tidak ada komentar:

Posting Komentar