Rabu, 13 Juli 2011

Dawuhan bapa ustadz oge hirup jelema mah ditungtungan ku hurup T, geura urang jabarkeun :

Umat anu taat
gede duriat
Imana kuat
...Tumut nasehat
Cekel amanat
Tara khianat
...Yakinkeun syahadat Nanjeurkeun sholat
Puasa tamat
Mere zakat
Kahaji mangkat
Pamadegan tepat
Awak sehat Bhatin wal afiat
Elmuna mangfaat
Boga bakat
Gawe giat
Pagaweanna maslahat
Rezeki ningkat Tutulung rikat
Ka sasama hormat
Tara ngumpat
Tara maksiat
Alam dirawat
Masyarakat kabengbat Luhur martabat
Loba sobat
Mindeung tirakat
Salawasna tobat
Meunang rahmat
Dunya nikmat Sugema akherat

Tidak ada komentar:

Posting Komentar