Senin, 25 Juli 2011

PERDANA MENTERI

Kacaritakeun di hiji nagari aya karajaan anu rajana keur bingung nangtukeun saurang perdana menteri. ari kahayang si raja, perdana menteri ieu kudu pinter, jeung boga wawasan anu luas ngeunaan kanagarian. si raja ngayakeun perjalanan studi banding ka nagari cina anu katelah ku kamajuan nagarina, manehna ngadatangan hiji karajaan anu di pimpin ku raja Lim Djun Sin. akhirna si raja bingung teh nyaritakeun kaayaan di nagarina jeng manehna menta petunjuk ti si raja Lim tea, kumaha carana meunangken hiji perdana menteri anu pinter. si raja Lim ngawaler kana kahayang si raja bingung,
Raja Lim : "Gampang eta mah Lur, neangan perdana menteri urang kudu bisa nguji kana kamampuan manehna.
Raja Bingung: Kumaha carana Ko' cing bejaan ka kaula yeuh....
Raja Lim : Tingalikeun perdana mentri oe nya, ngaranna Yun Bok Sun.
Terus si raja Lim nyalukan si Yun Bok Sun jang mere conto nguji kapinteran perdana menterina.
Raja Lim: Bok sun, kadieu....., oe aya pertanyaan kaanjeun, anjeun boga bapa, anakna aya tilu, anu hiji  lanceuk anjeun, anu hiji adi anjeun, jadi anu hiji deui saha?
Bok Sun : Nya oe atuh eta mah....
Raja Lim : Tuh tinggali, pinter pan perdana menteri oe, bari nunjukeun ka si raja bingung.
si raja bingung reueus ningali kapinteran perdana menteri Yun Bok Sun, tuluy manehna kagagas bakal ngetes calon perdana mentri manehna. akhirna si raja bingung balik ka nagarina jang maragakeun nguji ka perdana menterina.
Dicaritakeun si raja geus meunang calon perdana menteri anu pinter, ngarana si Engkus. si Raja Bingung nyalukan ka si Engkus..
Raja Bingung : Engkus......Kadieu.....
Engkus : Sumuhun dawuh kawula nun..... bade aya pikersaeun naon ka abdi?
Raja Bingung : Kieu Kus, kawula dina danget ieu arek ngangkat anjeun jadi perdana menteri di karajaan ieu. kumaha sanggup teu?
Engkus : Wah Sanggem juragan raja, iraha?
Raja Bingung : Ke heula, saencana anjeun kudu di uji heula, daek teu?
Engkus : Sanggem juragan raja, kumaha ngujina?
Raja Bingung : Kieu, Maneh boga bapa, anakna tilu, anu hiji lanceuk maneh, anu hiji deui  adi maneh, jadi hiji deui saha?
Engkus : Bari ngagerentes dina hate, ajig lier euy, saha nya? ke sakedap gan abdi bade kaluar heula.
Dirigdig si engkus teh lumpat kaluar, maksudna mah rek nanyakeun ka bawahanana anu ngaranna si Maryoto.
Engkus : Mar, uing ditanya ku raja, kieu nanyana teh. Maneh boga bapa, boga anak tilu, anu hiji  lancek maneh, anu hiji  adi maneh, jadi hiji deui sahanya ?
Maryoto : Nya abdi atuh pa....
Engkus : Wah ....pinter maneh euy...
Si engkus lumpat deui nepungan si raja bingung.
Raja Bingung : Kumaha engkus, bisa teu?
Engkus : Kumaha patarosana gan, tiasa di sebatkeun deui?
Raja Bingung : Dengekeun yeuh, maneh boga bapa, bapa maneh boga anak tilu, anu hiji  lancek maneh, anu hiji  adi maneh, tah anu hiji deui saha?
Engkus : Wah ... gampil atuh pa, nya anu hiji deui mah si Maryoto atuh pa...
Si raja Bingung : (bari seuri koneng) ngacapruk silaing mah engkus, lain si maryoto, hayang apal jawaban anu bener?
Engkus : Saha atuh pa?
Raja Bingung : Nya si Yun Bok Sun atuh.....sengkus..!!!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar