Selasa, 12 Juli 2011

Rupa-rupa

Hiji mangsa dina pasosore abah Atep teh ngobrol jeung incuna nu rada2 "gering" nu ngarana Akep..
Abah : Ujang, ari abah mun keur pareng naek angkot sok nempo hiji wangunan
aya tulisan SPBU. Naon hartina SPBU teh?
Akep : Euh, dasar aki-aki teu gaul ieu mah. Yeuh abah! ari SPBU teh singkatan
eta teh.
...Abah : Singkatan tina naon SPBU teh?
Akep : Regepkeun Bah, S teh singkatan tina SOLAR.
Abah : Ooo.. solaaar.. ari P na naon?
Akep : Ari P mah hartina PREMIUM atawa PERTAMAX eta teh, Bah.
Abah : Bener... bener... Ari B na naon tah?
Akep : BENGSIN atuh
Abah : Duuh... bagja boga incu pinter teh. Ari U singkatan tina naon?
Akep : UYUP kabeh ku Abah eta mah..(bari tuluy lumpat)
Abah : Nitah nginum bengsin ka aing!! Dasar incu nurustunjung siah!!

Isuk-isukna saenggeus digelendeng ku abahna, si Akep indit ka sakola.
Dijalan panggih jeung si Enjum, babaturan sakelasna.
Ngadarongeng we eta dua budak olol leho teh...
Akep : Urang mah mun geus gede rek jadi sutradara euy.
Enjum : Wah, edun! Rek nyieun pilem atuh nya.
Akep : Puguh we. Urang mah rek nyieun pilem anu judulna gagah
tapi melankolis euy..
Enjum : Naon tah judulna?
Akep : Nu ka hiji judulna... Maafkan Rambo, Mama. Sedengkeun nu ka dua judulna... Tetesan Air Mata Hulk.
Enjum : *aral* Nggeus we siah nyieun pilem anu judulna.. Selembut Hati Sumanto.

Geus sakola beres teh eta 2 budak teh balik babarengan deui.
Ngalobrol deui we di jalan teh...
Enjum : Uing mah karunya ka si Ucok jeung nyi Uneh euy.
Akep : Kunaon?
Enjum : Eta we pedah teu disatujuan kawin ku kolotna pedah beda suku.
Akep : Deudeuh teuing atuh.Uing mah boga tatangga si Usep jeung nyi Darsih, sakitu beda suku ge angger we disatujuan ku kolotna masing2 nepi ka kawinna..
Enjum : Hah? ari kang Usep teh orang Batak kituh? maenya ngaran Usep orang batak euy...
Akep : Duanana ge urang Sunda euy. Ngan bedana ari suku nyi Darsih mah.. geus bodas teh bareresih, ari kang Usep geus hideung, budug.... rorombeheun deuih...
Enjum : ( aral deui ) Eta mah beda cokor belegug!!!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar