Senin, 13 Juni 2011

JAGOAN 

Udin : Bapa uing mah polisi jagoan siah...kamari ge newak garong..
Sirod : nya bapa uing nu jagoan mah..pimpinan garongna ku bapa uing ditembak mati...
Somad : nya anu pang jagona mah bapa uing atuh...jadi garong nepi ka ayeuna can beunang - beunang wae..nya jagoan..??

DI JALAN

Abah  : Kurdiiii...kade jang..ulah ulin di sisi jalan bisi kadupak mobil..!
Kurdi : Moal bah da uing mah ulin na oge ditengah jalan..!
Abah : ???

Minggu, 12 Juni 2011

CANDI

Ubro : ceuk dina sajarah iwal jawa tengah anu ngabogaan candi panglobana, candi borobudur, prambanan, mendut jeung nu sejen-sejenna..

Use : aaaah maneh mah ngaco....! nya jawa barat atuh panglobana mah...!

Ubro : euweuh ah di jawa barat mah..

Use : loba siah, yeuh dengekeun ku maneh...aya candi cukur, candi mandian, candi beuli, candi kuramas, candi paraban...wah poko na mah loba keneh..

Ubro (kukulutus) : heueuh ka asup silaing candi ubaran..!!

Kamis, 09 Juni 2011

SARUANA

Ilaing engke ulah ngerakeun dinu hajat nya..! ceuk mang ustad ka si juhri anakna, bari tuluy leumpang mapay-mapay jalan satapak, teu kungsi lila maranehna tepi kanu di jugjug, nyaan we dinu hajatan teh rame naker, make jeung aya panggung sagala rupa..panon si juhri mimiti ngulincer nyirian sarupaning dahareun anu nembrak ngabayah na meja, geus poho deui kana papatah bapana...sabot bapana bongoh, kusiwel si juhri nyumputkeun dahareun kana lipetan sarungna nu meulit dina cangkengna, lumayan keur bekel ari balik, kitu ceuk dina pipikiran si juhri harita...
Hayu jang ah urang balik, geus burit..! ceuk mang ustad ka anakna, bari leumpang nyorang jalan anu tadi isuk diliwatan dituturkeun ku si juhri anakna...

barang duanana nepi ka sisi susukan atuh leumpangna laun pisan, sabab salian ti leueur teh eta susukan jambatanna dijieun tina catang kalapa saleunjeur, mana deui euweuh pamuntanganna..

Cing Bah uing heula..ceuk si juhri ngagorowok ka bapana, bari leumpang miheulaan bapana, tuluy ngalengkah mapay catang..barang geus nepi katengah-tengah si juhri tikosewad, atuh gejebur teh si juhri tigejebur kana susukan..kerebek...kerebek si juhri teuleum da ku kabeneran eta susukan teh rada jero..si juhri geuwat muntang kana akar kai tuluy hanjat awakna ramcucut, bajuna jibrug, si juhri geuwat ngalaan sarung anu maksudna rek di peureut, na ari burusut teh dahareun anu tadi meunang nyumputkeun teh ngaburusut hareupeun pisan bapana..si juhri reuwaseun pisan katohyan ku bapana, ngan si juhri teu eleh akal pok nyarita ka bapana....

Si juhri : Waduuh bah, uing mah untung bieu ti gejebur teh...
Mang Ustad : naha nake jeung untung sagala, ari eta maneh kadaharan timana..? ceuk bapana
Si juhri : puguh waktu kuring tikerelep, diditu teh panggih jeung raja jin anu keur hajatan nyunatan anakna, nya uing teh diondang samalah mah balikna uing dibahanan, tah buktina..ceuk sijuhri bari nunjuk kana dahareun anu ngalayah dina galengan..
Mang Ustad olohok...sabot keur kitu ujug-ujug gejebur teh mang ustad ngabeubeutkeun maneh kana jero susukan nepika tarangna ngajendol sagede endog entog balas diadu jeung batu dina jero susukan, kulantaran lieur jeung nyeri, buru-buru mang ustad hanjat kana galengan...si juhri anakna reuwaseun bari pok nanya ka bapana :

Si juhri : ari bapa kunaon bet ngagejeburkeun maneh..!
Mang ustad : waaaah cilaka jang..cilakaaaa waktu bapa tigejebur ku kabeneran di nagara raja jin anu keur hajatan teh keur aya huru-hara, tah tempo ku sia tarang abah nepi ka ngajendol kieu urut ditakol ku ponggawana raja jin....hayu ah buru-buru urang balik ceuk mang ustad ka anakna bari tuluy ngingkig rurusuhan...

 

EMBUNG ELEH

Kacaritakeun si emed, si ahong jeung si unang kasampak keur ngararuseup di hiji situ, diukna ngarendeng,.

Emed  : Dewek mah kamari, didieu nguseup keur euweuh sasaha, jedud tali jeujeur aya nu mawa euy..disanggut ku lauk gede naker, nepi ka nataran ge sapoe jeput, ti mimiti nyanggut jam 7 isuk beunang-beunang sareupna magrib..


Ahong : hahaha, atuh eta mah can sabaraha.! yeuh uing mah basa ka pangandaran paniatan teh rek ngala beunter da jeujeur leuleus katambah useupna ge leutik, na ari kedewek teh lauk cucut sagede uing beunang ka tiir...

Unang (embung eleh) : aaaahhhhh..! mararaneh mah euweuh nanaonan sakitu mah...tah uing mah basa minggu kamari, nguseup teh ka jatiluhur mangkaning dina parahu, jaba ditengah jauh kadarat, keur anteng nguseup, teu kanyahoan eupan cacing pararaeh..ngan untung aya jukut saranggeum kabawa palid, ku ku uing teh di tiruk we ku useup, lung dikatengahkeun, na eta mah teu kungsi lila kedewek teh euy disanggut munding gede pisan, kabagean kabeh tah euy sa erte...


Emed, ahong : ??????





BULU HAYAM

Mang Kohar, mang Adun jeung mang Ocim keur ngareureuhkeun kacape, balas maculan huma ti isuk keneh, bari nungguan anu nganteuran keur dahar beurang, gek nu tiluan teh dariuk sila tutug, kareret ku mang kohar aya bulu hayam ngagoler handapeun palupuh, gep dicokot, tuluy digerekeun kana ceulina,manehna peupeureudeuyan duka teuing getek duka teuing nikmat, bari pok Mang Kohar teh nyarita kabaturna :

Mang Kohar  : bener nya pangeran mah adil...
Mang Adun    : na kumaha kitu..?
Mang Kohar  : heueuh adil, ka bulu-bulu hayam mun urangna pinter ngamangpaatkeunna bakal kaala nikmatna, bari tuluy ngagerean liang ceulina.
Mang Adun  : Bener kang, basa poe kamari..kuring teh geus teu kuat hayang nyumponan kawajiban sare jeung pamajikan, tapi kulantaran pamajikan kuring keur aya halangan nya teu bisa kumaha-kumaha sok sanajan napsu ngagugudag oge, untung katulungan ku bulu si borontok, nya kitu ngagere ceuli, nepi ka poho paniatan.
Mang Ocim  : Sarua jeung dewek, poe mangkukna dewek teu ngeunah cicing, teu puguh cabak, ngan katenjo aya bulu entog dina golodog, ah ku dewek teh dicokot tuluy we digerekeun kana ceuli belah katuhu, alaaaaah eta mah aya ku nikmat pisan, nepi ka teu karasa, bakat ku lila eta bulu entog teh tepi ka parat ka ceuli belah kenca..
Mang Adun, Mang Kohar :????


 

Selasa, 07 Juni 2011

Nu Saliwang

 Ardasim leumpang ngagidig bangun anu rusuh pisan, leungeun kencana pageuh nyekelan jeujeur, dina cangkengna dibeulitkeun korang wadah lauk anu dijieun tina awi. dina pelebah pengkolan panggih jeung Mang Arta pok Mang Arta nanya:

Mang Arta : rek kamana jang dasim! jiga nu rek nguseup..!
Ardasim : muhun kang kuring teh rek nguseup..
Mang Arta  : oh....sugan teh rek nguseup..!
Ardasim : eta mang, susukan caah pan tadi tas hujan, jigana lelena bararijil..
mang Arta : haaah baruk kitu jang, dimana wayah kieu loba awewe..
Ardasim : sanes awewe mang...lele, ih dasar nu saliwang.!
Mang Arta : saha nu ngajewang..
Ardasim :@#@#$