Kamis, 09 Juni 2011

SARUANA

Ilaing engke ulah ngerakeun dinu hajat nya..! ceuk mang ustad ka si juhri anakna, bari tuluy leumpang mapay-mapay jalan satapak, teu kungsi lila maranehna tepi kanu di jugjug, nyaan we dinu hajatan teh rame naker, make jeung aya panggung sagala rupa..panon si juhri mimiti ngulincer nyirian sarupaning dahareun anu nembrak ngabayah na meja, geus poho deui kana papatah bapana...sabot bapana bongoh, kusiwel si juhri nyumputkeun dahareun kana lipetan sarungna nu meulit dina cangkengna, lumayan keur bekel ari balik, kitu ceuk dina pipikiran si juhri harita...
Hayu jang ah urang balik, geus burit..! ceuk mang ustad ka anakna, bari leumpang nyorang jalan anu tadi isuk diliwatan dituturkeun ku si juhri anakna...

barang duanana nepi ka sisi susukan atuh leumpangna laun pisan, sabab salian ti leueur teh eta susukan jambatanna dijieun tina catang kalapa saleunjeur, mana deui euweuh pamuntanganna..

Cing Bah uing heula..ceuk si juhri ngagorowok ka bapana, bari leumpang miheulaan bapana, tuluy ngalengkah mapay catang..barang geus nepi katengah-tengah si juhri tikosewad, atuh gejebur teh si juhri tigejebur kana susukan..kerebek...kerebek si juhri teuleum da ku kabeneran eta susukan teh rada jero..si juhri geuwat muntang kana akar kai tuluy hanjat awakna ramcucut, bajuna jibrug, si juhri geuwat ngalaan sarung anu maksudna rek di peureut, na ari burusut teh dahareun anu tadi meunang nyumputkeun teh ngaburusut hareupeun pisan bapana..si juhri reuwaseun pisan katohyan ku bapana, ngan si juhri teu eleh akal pok nyarita ka bapana....

Si juhri : Waduuh bah, uing mah untung bieu ti gejebur teh...
Mang Ustad : naha nake jeung untung sagala, ari eta maneh kadaharan timana..? ceuk bapana
Si juhri : puguh waktu kuring tikerelep, diditu teh panggih jeung raja jin anu keur hajatan nyunatan anakna, nya uing teh diondang samalah mah balikna uing dibahanan, tah buktina..ceuk sijuhri bari nunjuk kana dahareun anu ngalayah dina galengan..
Mang Ustad olohok...sabot keur kitu ujug-ujug gejebur teh mang ustad ngabeubeutkeun maneh kana jero susukan nepika tarangna ngajendol sagede endog entog balas diadu jeung batu dina jero susukan, kulantaran lieur jeung nyeri, buru-buru mang ustad hanjat kana galengan...si juhri anakna reuwaseun bari pok nanya ka bapana :

Si juhri : ari bapa kunaon bet ngagejeburkeun maneh..!
Mang ustad : waaaah cilaka jang..cilakaaaa waktu bapa tigejebur ku kabeneran di nagara raja jin anu keur hajatan teh keur aya huru-hara, tah tempo ku sia tarang abah nepi ka ngajendol kieu urut ditakol ku ponggawana raja jin....hayu ah buru-buru urang balik ceuk mang ustad ka anakna bari tuluy ngingkig rurusuhan...

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar