Kamis, 09 Juni 2011

BULU HAYAM

Mang Kohar, mang Adun jeung mang Ocim keur ngareureuhkeun kacape, balas maculan huma ti isuk keneh, bari nungguan anu nganteuran keur dahar beurang, gek nu tiluan teh dariuk sila tutug, kareret ku mang kohar aya bulu hayam ngagoler handapeun palupuh, gep dicokot, tuluy digerekeun kana ceulina,manehna peupeureudeuyan duka teuing getek duka teuing nikmat, bari pok Mang Kohar teh nyarita kabaturna :

Mang Kohar  : bener nya pangeran mah adil...
Mang Adun    : na kumaha kitu..?
Mang Kohar  : heueuh adil, ka bulu-bulu hayam mun urangna pinter ngamangpaatkeunna bakal kaala nikmatna, bari tuluy ngagerean liang ceulina.
Mang Adun  : Bener kang, basa poe kamari..kuring teh geus teu kuat hayang nyumponan kawajiban sare jeung pamajikan, tapi kulantaran pamajikan kuring keur aya halangan nya teu bisa kumaha-kumaha sok sanajan napsu ngagugudag oge, untung katulungan ku bulu si borontok, nya kitu ngagere ceuli, nepi ka poho paniatan.
Mang Ocim  : Sarua jeung dewek, poe mangkukna dewek teu ngeunah cicing, teu puguh cabak, ngan katenjo aya bulu entog dina golodog, ah ku dewek teh dicokot tuluy we digerekeun kana ceuli belah katuhu, alaaaaah eta mah aya ku nikmat pisan, nepi ka teu karasa, bakat ku lila eta bulu entog teh tepi ka parat ka ceuli belah kenca..
Mang Adun, Mang Kohar :????


 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar