Minggu, 31 Juli 2011

HAYAM

Cep Dedeng di gawe di hiji peternakan hayam. Hiji mangsa, bosna, John Towor kenging orderan 50 hayam.
Deng, cik pang anterkeun hayam ka alamat ieu, ulah salah, nya!
Siap, boss! Ceuk cep Dedeng bari narima alamat nu pesen.
Cep Dedeng gura-giru ngakut eta hayam negeri, make motor. 25 dikenca, 25 di katuhu.
Di tengah jalan, aya neng Atin. Atuh eureun heula. Ngobrol uplek naker. Keur kitu teh, hayamna kalabur.
Ningali kitu, cep Dedeng kalah ka seuri ngeunah.
Neng Atin heran. Kang Dedeng! itu hayam kalabur!
Ah, keun bae, moal kamana-mana, da alamatna di saku urang keneh! ceuk cep Dedeng kalem.

WAU VS ALIF


Kacaturkeun, hiji mangsa.
Wan Abud, duda urang Arab jadi kawin ka Nyi Uneh Parawan ting ting urang cibolerang.
Ari Nyi uneh tea, kajeun awak na geus jebrog oge, ari pangalaman jeung elmu pengetahuan tentang per Lelakian mah, maneh na teh estu bodo katotoloyo.Dina peutingan pangantenan.
Wan Abud, geus siap ucul ucul nya sarua kitu oge Nyi Uneh….
Eta mah barang, Nyi Uneh ningali Parabot Wan Abud nu sagede Panakol Bedug, Nyi Uneh langsung Ngagorowok…..
Nyi Uneh : Waaaaaaau…….!!!!!!!!!
Mireungeuh Nyi Uneh ngagorowok kitu, Wan Abud satekah polah nenangkeun Nyi uneh,
Wan Abud : Tenang,….Tenang ….Nyai, ieu mah syaness Wau taffi ieu
mah Allifff……..

Senin, 25 Juli 2011

NGOLOMOH

Pa guru nuju ngajar di kelas 1 SD. kumargi waktos tos jam 12 pa guru masihan pertanyaan ka muridna_ cnah saha nu tiasa ngajawab pertanyaan pa guru, tiasa uih.
pa guru : barudak naon bae nu bisa di kolomoh?
udin : permen pa.
pa guru : udin balik.
aming : kojek pa.
pa guru : aming balik.
bedu : cempor pa.
pa guru : naon bedu maneh ngajawab cempor, emangna cempor bisa di kolomoh?
bedu : tiasa pa... pedah we wengi tadi ema nyarios ka bapa kieu_ bapana pareuman cempor urang kolomoh .

AKAL

Geus jadi kabiasaan Jang Ahmad, sobat salakina, unggal wancina dahar beurang sok datang ka imah Nyi Ipah ngadon milu dahar.

Keur jaman kiwari nu sagala serba mahal mah puguh we sagala teh kudu diirit-irit, kukituna kadatangan Jang Ahmad teh malah jadi nambahan beban kaluarga Nyi Ipah.

Dina hiji beurang kurunyung Jang Ahmad datang ka imah Nyi Ipah.

Jang Ahmad :"Kumaha Nyi wartosna.... damang ?" ceuk Jang Ahmad bari basa-basi

Nyi Ipah :"Sae kang..." bari rada bendu

Jang Ahmad :"Pami Kang Dadangna cageur ? nuju kamana...?"

Nyi Ipah :"Nuju di kebon, nya eta Kang Dadang teh rada kaganggu emutanana ayeuna teh.....". Nyi Ipah ngabohong bari masang taktik.

Jang Ahmad :"Na kunaon kitu ...?" bari semu heran

Nyi Ipah :"Nya duka kumaha Kang, ayeuna mah unggal aya tamu Kang Dadang teh sok neunggeul tamuna ku halu..."
Ngadenge kalakuan sobatna jadi owah, Jang Ahmad tuluy amitan....teu lila datang Jang Dadang, salaki Nyi Ipah.

Jang Dadang :"Aya saha tamu bieu teh Nyi ?"

Nyi Ipah :" Eta..... Kang Ahmad rek nambut halu ngan ku abdi teu dipasihkeun..." bari ngabohong

Jang Dadang :"Naaa atuh halu-halu wae........kadieukeun urang susulkeun..."

tuluy Jang Dadang nyusul Jang Ahmad bari mamawa halu. Teu lila Jang Ahmad geus mimiti kaciri tereh kasusul. 
Jang Dadang gogorowokan ngageroan Jang Ahmad bari ngacungkeun halu. Puguh we Jang Ahmad beuki tarik lumpatna pedah nempo Jang Dadang ngudag-ngudag bari ngacungkeun halu.

BULAN PUASA

Sanajan aki Ajum teh umurna mah geus tunggang gunung, tapi awakna masih keneh sehat, jagjag, malah masih keneh kuat mencug, kurad kored, tucab-tanceb di kebonna, anu anggangna ti imah manehna aya ari 5 Km mah jauhna..
Ngan ari kanyahona kana bag-bagan agama mah kaitung rada elat. Dina bulan puasa anu geus kaliwat, manehna rek indit ka kebon rek barang gawe.
Aki: "Nini, Aki rek ka kabon, rek ngored kebon suuk, da tangtu jukutna geus rarenung deui."
Nini: "Heueuh, jung wae atuh, meungpeung masih keneh isuk, Aki."
Aki: "Aki bekelna keur dahareun geus dibungkus? Sakalian jeung caina deuih!"
Nini: "Haar ari aki, apan didinya teh keur puasa lain? Make jeung kudu mekel kadaharan sagala?"
Aki: "Heueuh atuh ari keur puasa tea mah; tapi kumaha lamun Aki poho yen Aki teh keur puasa, rek ngadahar naon?"
Nini: "Aeh heueuh nya Aki, ke atuh dagoan Nini rek mungkusan dahareun, caina mah kana botol bir we nya?"
Aki: "Heueuh, buru-buru atuh!"

SARUA KENEH

"Pun anak mah alhamdulillah naek jabatan."
"Janten naon?"
"Tina tukang sasapu janten Cleaning Service."
"Oh, sukur atuh. Komo pun anak mah tos dua kali naek pangkat."
"Kutan, kumaha tah?"
"Ngawitan mah tukang jaga, teras janten satpam, ayeuna janten security."

ANAK GURU

Agus: "Des,  Desi dibabarkeun sasih desember, nya?"
Desi: "Leres.pami Kang Agus pasti sasih Agustus, nya?"
Agus: "Abdi mah sasih April."
Desi: "Geuning namina Agus?"
Agus: "Saur Mamah mah singketan ti Anak Guru SD."
Desi: ???

PAMAJIKAN

Susi: "Abdi mah hayang Akang jujur... Akang teh bogoh ka Susi atawa ka awewe itu?"
Aso: "Naha ari Susi nanya teh ka mana wae. Yeuh Akang mah dek sumpah! Kabogoh Akang mah iwal ti Susi!"
Susi: "Nya sukur atuh ari kitu mah, ari awewe itu saha atuh?"
Aso: "Eta mah... pamajikan Akang!"
Susi:  dasar nurustunjung..!!!

PIKASEBELEUN

Aki : cu...kasep bageur..Geus dibejakeun ka Ustad, yen Aki geus cageur?
Incu : Atos Ki!
Aki : Kumaha ngabejakeunana cik ?
Incu : Pa Ustad, tahlilan teh teu cios...

LIEUR

hiji mangsa poe jumaah....

Incu : aki....! rek kamana...?( bari ngagorowok )
Aki : rek juma'ahan jang....!
Incu: haaaar ari aki teu salah ninggali almenak!?
Aki : ari kitu kumaha jang...?
Incu : muhun..apan kamari poe kemis,mangkukna poe rebo atuh isukan mah poe sabtu!
Aki :.....aeh heu'euhnya ( bari balik deui ka jero imah )

KORED

nini ku naon ceurik ceuk incuna bari neuteup ka ninina 
nini: leungit kored tembal si nini..
incu: apan eta di cecekel ku nini..
nini: da isukan leungit na mah, tibatan isukan ceurikna, rariweuh jaba ceurik jaba neangan kored .
incu:...?????

PERDANA MENTERI

Kacaritakeun di hiji nagari aya karajaan anu rajana keur bingung nangtukeun saurang perdana menteri. ari kahayang si raja, perdana menteri ieu kudu pinter, jeung boga wawasan anu luas ngeunaan kanagarian. si raja ngayakeun perjalanan studi banding ka nagari cina anu katelah ku kamajuan nagarina, manehna ngadatangan hiji karajaan anu di pimpin ku raja Lim Djun Sin. akhirna si raja bingung teh nyaritakeun kaayaan di nagarina jeng manehna menta petunjuk ti si raja Lim tea, kumaha carana meunangken hiji perdana menteri anu pinter. si raja Lim ngawaler kana kahayang si raja bingung,
Raja Lim : "Gampang eta mah Lur, neangan perdana menteri urang kudu bisa nguji kana kamampuan manehna.
Raja Bingung: Kumaha carana Ko' cing bejaan ka kaula yeuh....
Raja Lim : Tingalikeun perdana mentri oe nya, ngaranna Yun Bok Sun.
Terus si raja Lim nyalukan si Yun Bok Sun jang mere conto nguji kapinteran perdana menterina.
Raja Lim: Bok sun, kadieu....., oe aya pertanyaan kaanjeun, anjeun boga bapa, anakna aya tilu, anu hiji  lanceuk anjeun, anu hiji adi anjeun, jadi anu hiji deui saha?
Bok Sun : Nya oe atuh eta mah....
Raja Lim : Tuh tinggali, pinter pan perdana menteri oe, bari nunjukeun ka si raja bingung.
si raja bingung reueus ningali kapinteran perdana menteri Yun Bok Sun, tuluy manehna kagagas bakal ngetes calon perdana mentri manehna. akhirna si raja bingung balik ka nagarina jang maragakeun nguji ka perdana menterina.
Dicaritakeun si raja geus meunang calon perdana menteri anu pinter, ngarana si Engkus. si Raja Bingung nyalukan ka si Engkus..
Raja Bingung : Engkus......Kadieu.....
Engkus : Sumuhun dawuh kawula nun..... bade aya pikersaeun naon ka abdi?
Raja Bingung : Kieu Kus, kawula dina danget ieu arek ngangkat anjeun jadi perdana menteri di karajaan ieu. kumaha sanggup teu?
Engkus : Wah Sanggem juragan raja, iraha?
Raja Bingung : Ke heula, saencana anjeun kudu di uji heula, daek teu?
Engkus : Sanggem juragan raja, kumaha ngujina?
Raja Bingung : Kieu, Maneh boga bapa, anakna tilu, anu hiji lanceuk maneh, anu hiji deui  adi maneh, jadi hiji deui saha?
Engkus : Bari ngagerentes dina hate, ajig lier euy, saha nya? ke sakedap gan abdi bade kaluar heula.
Dirigdig si engkus teh lumpat kaluar, maksudna mah rek nanyakeun ka bawahanana anu ngaranna si Maryoto.
Engkus : Mar, uing ditanya ku raja, kieu nanyana teh. Maneh boga bapa, boga anak tilu, anu hiji  lancek maneh, anu hiji  adi maneh, jadi hiji deui sahanya ?
Maryoto : Nya abdi atuh pa....
Engkus : Wah ....pinter maneh euy...
Si engkus lumpat deui nepungan si raja bingung.
Raja Bingung : Kumaha engkus, bisa teu?
Engkus : Kumaha patarosana gan, tiasa di sebatkeun deui?
Raja Bingung : Dengekeun yeuh, maneh boga bapa, bapa maneh boga anak tilu, anu hiji  lancek maneh, anu hiji  adi maneh, tah anu hiji deui saha?
Engkus : Wah ... gampil atuh pa, nya anu hiji deui mah si Maryoto atuh pa...
Si raja Bingung : (bari seuri koneng) ngacapruk silaing mah engkus, lain si maryoto, hayang apal jawaban anu bener?
Engkus : Saha atuh pa?
Raja Bingung : Nya si Yun Bok Sun atuh.....sengkus..!!!

JALMA GELO

sabada dibejaan aya pasen rumah saki jiwa nu kabur. satpam geuwat indit neangan. gok manehna ka hiji imah nu teu jauh ti eta rumah sakit. satpam nanya kahiji lalaki.
"pa,tadi aya jalma nu ngalangkung kadieu?"
"kumaha jalmina?"
"awakna pendek,begang,beuratna kira-kira 200 kg!"
"har? piraku jalmi begang tepi ka 200 kg?"
"hiiiih ari bapa,kapan jalma gelo manehna teh!"

KERTAS HAMPELAS

Kacaritakeun aya ngko-ngko tionghoa boga bujang pagawe di tokona. eta ngko-ngko teh keur mariksa bujangna dina ngalayanan langganan tokona.
ngko : yeuh..jang kumaha poe ieu rame toko teh?

bujang : nya kitu we ngko, biasa-biasa wae.

ngko : naha nya !! teu siga biasana?

bujang : enya ngko, malih mah tadi aya bapa-bapa naroskeun ka abdi, naha didieu aya sabun cap bayawak atawa heunteu.

ngko : terus ari kitu?

bujang : nya ku abdi teh dipiwarang milarian we kanu sanes da pan di toko ngko mah teu ngajual sabun cap bayawak, sanes kitu?

ngko : heu euh ku kitu na mah, ngan silaing mah salah ari dagang kitu teh, kuduna oge ari geus nyaho euweuh lain kudu di titah neang ka batur, ku silaing tawaran sabun nu lain, nu penting mah eta langganan teh balanja di toko owe. ngarti silaing?


bujang : ngartos... ngartos ngko, enya engke ku abdi dipraktekeun atuh mun aya nu meser deui.

teu kungsi lila datang tah ibu-ibu langganan nu rek meuli ka toko si ngko

ngko : tuh gening aya nu deuk meuli, sok layanan jang......

bujang : muhun ngko (bari sumanget) peryogi naon bu?

ibu-ibu : ieu jang ibu teh nuju peryogi kertas toilet... aya?

bujang : alah bu kertas toilet teh kaleresan nuju se'ep

ibu-ibu : duh kumaha atuh nya

bujang : (bari ngahuleng...boga ide nga-praktekeun elmu ti si ngko, sangkan nu meuli balanja di toko si ngko)..... kieu we atuh bu, kumargi kertas toiletna se'ep, kumaha upami di gentos we ku kertas hampelas da  sami-sami wae ari kertas mah.

ibu-ibu : dasar koplok...!!!

DICABOK

Aki : aeh kunaon incu aki ceurik mani carinakdak kitu?
Incu : si ema di cabok ku sibapa,.....
Aki : naha bet maneh anu ceurikna?
Incu : enya pan si ema teh dicabok kusi bapa, tuluy uing nyeungserikeun, terus uing jadi dicabok ku si ema.
aki : nya heueuh atuh ari kitumah.

Minggu, 24 Juli 2011

SURAT ONDANGAN

Saurang dokter hewan rek kawin. Manehna nyieun surat ondangan nu bisa ngawakilan jeung profesina. Eta dokter boga ideu, manehna dina surat ondanganan nampilkeun gambar sapasang japati. Kitu deui jeung dokter jantung. Waktu manehna rek kawin, dina surat ondangan dipasangkeun gambar hate warna pink. Nu paling lieur mah pas dokter kelamin. Gambar naon nya nu cocok pikeun ngawakilan profesi manehna dina surat ondangan?

MAJALAH...

Dina hiji waktu, aya budak kapanggih ku bapana keur ningalian majalah husus dewasa. “Astagfirullah, na ari sia leutik-leutik geus ningalian gambar kitu!! Kadieukeun siah eta majalah! Si bapa nyentak bari ngarawel majalah porno nu dicepengan ku anakna tea. Eta budak ngadegdeg sabab geus katohyan. Si Bapa tuluy mukaan eta majalah salembar-salembar. Pas lembaran ka hiji. “Yaa.....ampun, ieu gambar naon siah? Jorok!” ceuk si bapa. Budak cicing bari nginghak. Tuluy eta majalah dibukaan deui. “Ya aaa....Robi, silaing mah geus wani-wani boga majalah kieu!” ceuk si bapa nyentak bari terus mukaan halaman majalah. Nepi ka halaman terahir eta majalah, si bapa langsung ngomong: “Yaaaaaaaaa....beak geuningan!”

WARUNG TEGAL

Kacaritakeun si Ucup karek jadi bujang di hiji kulawarga. Tiap aya parentah ti dununganana teu burung dilakasanakeun. Najan lolobana mah sok disalahartikeun. Contona wae waktu di hiji poe babu tukang masak di imah eta balik ka lemburna. Atuh ti isuk euweuh nu pangmasakkeun. Ari nitah si Ucup, da si Ucup mah bisana ngan meresan taman atawa kebon. Nya ahirna, si Ucup dititah ku dununganana meuli sangu ka warung tegal alias warteg. Saenggeus dibere duit ku dununganana, si Ucup langsung ngabelenyeng ka luar. Na atuh ditungguan ampir dua jam, si Ucup can balik wae. Karek oge si dunungan cengkat rek neangan si Ucup, kirining aya telepon disada. “Assalamuailkum. Pa, ieu sareng Ucup!” “Ucup, ari maneh di mana? Meuli sangu teh lila-lila teuing! Ulin nya?” “Hentu Pa, wantun sumpah abdi mah teu ameng ka mamana! Abdi nuju di jalan meser sangu ka warung Tegal. Ieu nembe dugi di Cirebon, naek beus. Paling enjing tiasa uih deui ka bumi nyandak sanguna mah…”

CAMPUR CODE

 Campur kode kabuktian saenggeus wilayah Jawa Barat ampir kabeh kaasup wilayah Megapolitan. Naon campur kode teh? Dina istilah linguistikna, bahasa lokal campur jeung bahasa sejen. Saperti conto kajadian di Bandung. Para rumajana ngobrol make bahasa Sunda dicampur bahasa Batawi. “Lu, ka mana ajah, sih? Gua udah cari kokotetengan ke sana ka mari. Emang Lu tidak tau gua sudah cangkeul bitis nungguan lu!” “Lu sorangan yang tidak bebeja ke gua. Kirain lu sudah teu ngareken lagi gua! SMS gua gitu loh, jangan ngantepin begituh. Dan jangan sampey gua ambek nyedek karena masalah kamari.” “Ya udah, hampura gua. Jangan diungkit-ungit lagi dong, takut masalahnya karugrag lagi. Gua kagak maksud nganyenyeri elu. Eh, kumaha sama si Antonnya? Lu udah jadian lagi?” “Gimana ya? Susah dia mah. Mungkin dianya tidak kebita lagi sama gua.” “Sekarang dia bobogohan sama sapa?” “Kata harewos bojong mah, dia sudah pakait ati sama si Susan. Itu, anak kampung Cimoncogog!” “Hah, orangnya yang jete itu? Susah ya. Cowok emang pengennya kumaha dewek sendiri! Kajeun teuing cewenya tidak mangrupa. ” “Ya, kumaha lagi atuh. Nasib gua mah tidak kaditu kadieu dina urusan bobogohan mah! Sampey-sampey pas kemarin aja di angkot paadu tuur sama dia, Eh...dia tidak nolih gua lagi! Sebel kebina-bina deh. Ko bisa gitu yah kalo cowo?” “Kesian deh lu! Karunya deh maneh!” “Lu, sekarang emangnye ama sapa?” ”Ama Ba’du. Udah ah! So wot gituh lo! Kok tumben nanyain cowo gua? Mending kita balik aja sekarang, yu. Itu langit sudah ceudeum begitu...sebentar lagi pasti hujan ngegebret! Nanti kalo kehujanan pasti bucis nih badan..

LOMARI

Si Dulkamid menta tulung ka si Kirdun pikeun mindahkeun lomari pakean. Katingali duanana harese pisan mindahkeun eta lomari pakean teh. “Coba mun mun si Cecep aya di dieu! Urang duaan pasti moal hese teuing mindahkeu ieu lomari!” ceuk si Kirdun bari beberegeg ngangkat lomari. “Ceuk saha si Cecep teu nulungan? Apanan manehna ge keur mantuan urang!” jawab di Dulkamid. “Mantuan nanahaon? Memangna manehna di mana kitu ayeuna?” tanya si Kirdun heran. “Apanan di jero ieu lomari, nahan gantungan baju bisi maruragan!” jawab si Dulkamid kalem pisan.

OBAT PATEN

CARA NGADIDIK BUDAK SENSITIP

Saurang guru meunang surat ti orang tua murid anu budakna ngabogaan sipat sensitip, eta eusi surat teh nerangkeun ngeunaan cara ngadidik anakna, kieu eusi suratna teh :

" Upami Ibu/bapa guru teu acan uninga, pun anak teh ngagaduhan sipat sensitip pisan, numawi upami bade ngadidik pun anak gampil pisan, gebug we anu calik disabeulaheun pun anak, insya allah pun anak bakal sieuneun.."

Guru : @#$#@

GEDE RAHUL

Acay  : Bapa dewek kamari nguseup ka situ saeur meunang lauk loba pisan euy mani sagede-gede guguling
Ehong : can sabaraha eta mah euy dibandingkeun jeung bapa uing mah, mangkukna nguseup di situ ciburuy eta               useup can dieupanan lauk geus nyanggut deui..
Apud  : maneh  nyaho  situ  gimbung, tah poe jumaah kamari bapa dewek nguseup, hanjakal tengah poe             beakeun eupan, rek balik jauh ka lembur, ngan kareret aya jukut sabebedan kabawa palid, ku bapa dewek teh dicokot tuluy we di tiruk dijieun eupan, lung we dialungkeun ka tengah situ, na eta mah durugdug teh euy disanggut munding gede naker, da kabagean salembur dewek mah dagingna...
Acay, ehong: ????

Sabtu, 16 Juli 2011

ANTARA HUJAN BANJIR JEUNG ROROMBEHEUN

“Abong keur usumna” Gumam mang Soleh ketika melihat pagi, hujan sudah ngagebret. Bagi sebagian orang mungkin hujan itu dianggap berkah, tapi bagi mang Soleh malah sebaliknya, hujan bak musuh bebuyutan yang berpengaruh pada eusi dompetnya. Bagaimana tidak keseharian mang Soleh adalah seorang penjaja es kelenong, bila hujan datang kelenong mang Solehpun ikut ikutan tak bunyi, artinya mang Soleh tak bisa jualan lagi. Biasanya suara kelenongnya selalu menghiasi gang-gang sempit yang disambut dengan lolongan anjing yang terusik atau tangisan anak kecil yang minta jajan es. Kini kelenongnya hanya jadi saksi bisu dikala mang Soleh sedang ngahaleuang lagu es lilin menghibur kelima anak-anaknya yang merengek minta uang jajan.

Pagi itu hujan sudah ngagebret lagi, mang Soleh tambah asik ngarengkol kaya kuuk.
“Jurig….tiris euy!” Sarungnya yang sudah kuleuheu, terpaksa ditarik lagi, membalut tubuhnya yang semakin renta. “Happy valentine…Mah!” Suara parau mang Soleh dari dalam sarung. “Palentin..palentin tai pedut…..lebok tuh palentin!” Gerutu istrinya. “Cik atuh kudu aya ka gadag, keur usum hujan mah teu bisa jualan es kelenong, ganti atuh ku bajigur kelenong!” Sambungnya lagi sembari nakolkeun pangebug kasur kana bujurna. “Blugk…blagk…! “Tong kitu atuh honey, yu kita rayakan hari valentine ini didalam sarung!”Celoteh mang Soleh pikasebeleun.

Bagi cewek hujan memang bikin ribet, walau payung suka setia menemani, tapi kalau hujan ngagebret teu eureun eureun, ya riweuh juga.
“Sikasebelan…teu kaur diwedak yeuh!” Gerutu seorang cewek menor yang kening dan pipinya kena guyuran air hujan. Bak jalan aspal yang tergerus air, koral koralnyapun menyembul keliatan, begitu juga pipi, yang tadinya kelihatan licin kini garompal dan jerawat batunya pun muncul dari persembunyiannya yang dialasi dengan hamparan kokoloteun yang menahun. Hujan kian deras, ahirnya tamu tak diundangpun datang. Banjir menyelinap kelorong lorong bahkan manjat ke trotoar membuat pejalan kaki jingkrak jingkrak dengan kilatan betis dari seorang cewek yang terpaksa harus menaikan rok-nya tinggi-tinggi.
“Ateul banget kenapa juga nih!” gumam seorang cewek dengan selopnya yang  ditengteng kiri kanan. “Ammmpiuuun dech…masak gw rorombeheun, apa kata duniaaaaa!” Teriaknya seakan tak percaya, seraya menggaruk garuk telapak kakinya yang mendadak gatal dan garompal kayak kena rayap. Rorombeheun? Dulu memang mutlak milik wanita desa yang rajin kesawah, kini rorombeheun sudah go public, sudah saba kota! Sok siah tong ulangah elengeh ngaku rorombeheun nya?

HILAP DEUI

Udin salah sahiji karyawan di parusahaan swasta. Manehna make password komputerna ku kalimah " hilapdeui"
Hiji mangsa manehna ijin cuti. Atuh kapaksa pagawean manehna di pigawe langsg ku bosna. Ngan hanjakal bosna teu bisa muka komputer gawena da make pasword tea.
" Din ari password komputer maneh naon? " Ceuk bosna na telepon
" Hilapdeui pak! " jawab udin tandes pisan.
" Maeunya maneh make komputer ungal poe make hilap deui! " Ceuk bosna rada heras
"Leureus pa hilapdeui" ceuk udin nandeuskeun deui
" Lah pokonamah maneh kudu asup ayeuna teu menang henteu!" Ceuk bosna bari nutup telepon rada tarik. " Harr...saha nu lieur!"
Atuh Udin colohok bari ngeukeuweuk hpna.

SETRUK

Saprak aya iklan cai enteh anu dibotolan berhadiah kujalan ngumpulkeun setrukna. Anu jajan, boh direstoran atawa diwarung sok tara poho nanyakeun setrukna. Malahan jang Ibro waktu keur apel disuguhan cai enteh ku bebenena, manehna ngaharewos.

"Yang....kade hilap setrukna !" padahal cai enteh anu disuguhan teh lain anu dibotolan, tapi ngadadak naheur dina hawu.

Kocapkeun dihiji restoran, dihareupeun kasir ngagimbung anu nek mayar kadaharan kumplit jeung inuman cai enteh nu dibotolan tea, keur ngagimbung kitu, aya salah saurang jalma nu teu sabar hayang geura meunang setrukna, tur langsung ngagorowok kakasir.

"Gewat euy setrukna, dewek butuh pisan !" Pokna rada teugeug

"Sabar atuh kang !" tembal kasir bari baeud.
Sanggeus meunang setruk mah sijalma teh, langsung we ngabecir kaluar, atuh puguh we si kasir nyalukan.

"Kang ieu katuanganana diculkeun wae !"

"Mangga we kanggo eneng, abdi mah butuh setrukna wae !"
"Jadi ujang teh butuh setruk kitu ?" ceuk hiji jalma tengah tuwuh,anu kakara asup tur leungeunna semu ngoroncod sarta mamake iteuk.
"Eh..muhun pa...abdi butuh pisan...naha bapa kagungan kitu ?"

"Puguh bapa teh tos lima taun gaduh setruk, mangga upami peryogi mah ku bapa bade dipasihan... bapa mah tos bosen ngubaran !"

NGAGERE CEULI

Yoyo, Kurdi jeung Adun keur uplek ngobrol, nyaritakeun pelemna lamun ngagere ceuli ku bulu hayam.

Yoyo : "Kupelem pelemna ngagere ceuli aya Dian Sastro ngaliwat ge dewek mah cuek we euy !"

Kurdi : "Sarua dewek ge, padahal malem kemis peuting kamari dewek keur sosonoan jeung jikun dewek, keur hot hotna karampa aya bulu hayam terus dirorekeun kana ceuli dewek, bakating ku pelem teu karasa ngagere ceuli nepi kasubuh."
Yoyo : "Teu uyahan, ari pamajikan maneh diantep nya?"
Kurdi : "Puguh lantaran eta, malem jumaah kamari sarena teh nonggongan dewek, ari ret disabeulaheunana aya bulu hayam sabebed."
Yoyo : "Ari maneh kumaha pangalaman teh Dun?"
Adun : "Komo dewek mah ku pelem pelemna ngagere ceuli, dua poe dua peuting anteng we ngagere ceuli, teu karasa bulu hayam asup tina ceuli kenca parat ka ceuli katuhu."

Bobogohan

"Lamun seug bobogohan kawas keur bulan puasa, meureun moal olok lipen stip !" ceuk Oneng ngagereneng ka Onih basa balik tarawehan.

"Naha kitu ?" tanya Onih semu nu heran


"Sasarina mah samemeh bulan puasa, karek saminggu ge geus beak salosina,tapi ayeuna hiji ge aya keneh sapotong deui, da eta kang Odoy

Surodoy mah meni euweuh kabosen ngapelan teh meni unggal poe, bakating ku cinta meureun ka uing!"

"Naon hubungan apel jeung lipen stip ?" tanya Onih bari kerung

"Hih..ari maneh kawas teu karasa wae, teuing atuh da kang Odoy mah teu kaop ningali biwir urahak sok langsung we nyosor !"

"Tomi ngak gituh !" Onih nimpalan nurutan iklan, da kaparengan deuih kabogohna ge ngarana Tomi.


"Nya meureun kabogoh maneh mah kurang romantis !"

"Ceuk saha euy...puguh pang romantisna sadunya..tuh tingali diburuan imah uing kembang ngabugbrug, eta teh kiriman kang Tomi bisi teu nyaho mah !" Onih ngadadak kuraeud baeud

"Ari ayeuna keur bulan puasa masih keneh sok susar sosor kitu ?" sambungna deui


"Ih..puguh geus dibejakeun, ari bulan puasa mah teu pati teuing, jadi lipen stipna oge awet !"

"Ari eta geuning make meuli dua losin sagala, jeung saha ?"
"Puguh sasayagian jang engke tas lebaran !"

Kamis, 14 Juli 2011

JAWABAN SOAL

Dina soal ujian anu mangrupa esey, aya pituduh kieu: Pigawe tujuh, tina
sapuluh soal anu kuhidep dianggap pangbabarina.

Gudrud wae ku maneh na mah dipigawe sapuluh soalannana, terus dihandap make


Implik-implik kieu: "Mangga we pilih tujuh, tina sapuluh jawaban anu pang leresna."

TILU SIKI

RW: "Ari nu peuting ngaronda saha?"
Hansip Adun: "Abdi we sareng pun Omen hansipna mah, ditambihan weh ieu ku pun Odoy sareng Aday. Ari kitu aya naon Pa RW?"
RW: "Puguh nini Cinot leungit endog hayam."
Hansip Adun: "Euleuh-euleuh... karunya teuing. Sabaraha siki nu icalna?"
RW: "Sapuluh siki cenah mah."
Odoy: "Gede wadul tah nini-nini teh Pa RW. Sidik ngan aya tilu siki nya  Day?"
RW jeung Hansip: "Hah..."

JURANG

Usro : Cim, maneh nyaho henteu, dikampung urang mah aya jurang anu jerona leuwih ti 300 meter..
Ocim : Alaaaah atuh eta mah can sabaraha.., tuh dilembur uing mah jerona oge mun ngalungkeun batu, eta batu teh nepina  poe isuk sabada lohor..
Utun : wah atuh eta mah deet keneh, di lembur dewek mah mun ngalungkeun orok, nepi ka dasar jurang teh eta orok geus aki-aki..
Usro, Ocim : @#%$#

NU SUING

Disalah sahiji tajug kacaritakeun wa haji encung nuju ngawurukan barudak ngaji, ngan salah sahiji muridna anu ngarana Ardasim kabeneran biwirna rada teu jejeg alias suing :
 Wa haji  : Cing jang sebutkeun alif
Ardasim      : aliiiiip
Wa Haji   : baaaa
Ardasim  : mpaaa
Wa Haji : lain mpa tapi baaaa, perhatikeun ku maneh dina harkat jeung tajwidna (si uwa rada muncereng)
Wa Haji : sok sakali deui....baaaa..!!
Ardasim : mmmmpaa..
Wa Haji : ( keuheul jeung ngamaklum) sok tuluykeun..!!
Wa Haji : jim..
Ardasim : jiiiip..
Wa Haji (ambeek) lain jip atuh, tapi jim..cing sok sebutkeun..!
Wa Haji : jiiiim
Ardasim : Jiiiiip
Wa Haji : lain jip!!eta mah treuk goblog..!!!


 

OPEN

Si Kabayan keur ulin ka amerika , bubuhan meunang undian tina cangkang kopi cap pepedut, sabot manehna keur aya di sisi jalan, ku manehna katempo aya tulisan OPEN dina salahsahiji panto gedong agreng..si kabayan kacida reuwaseun naker,"euleuh geuningan didieumah OPEN keur nyieun kueh teh mani sagede kieu" ceuk dina pipikiranna, sabot keur   uleng mikiran jol aya jelema asup kana eta gedong...si kabayan rikat ngahalangan lawang panto bari pok nyarita "Aduh mister ulah asup kadinya bisi tutung.!"si urang bule teh kacida reuwasna ku polah si kabayan samodel kitu, bari tuluy asuk ka eta gedong...teu kungsi lila tina eta kajadian, ti jero gedong teh bijil urang negro, barang nempo eta jelema, sikabayan nyarita ngagorowok bari tutunjuk ka eta urang negro " ceuk aing ge tutung tutung..!!! da silaing mah teu meunang dibejaan, rasakeun we mun geus tutung kieu rek kumaha..!!!"
urang negro :??????

Rabu, 13 Juli 2011

Dawuhan bapa ustadz oge hirup jelema mah ditungtungan ku hurup T, geura urang jabarkeun :

Umat anu taat
gede duriat
Imana kuat
...Tumut nasehat
Cekel amanat
Tara khianat
...Yakinkeun syahadat Nanjeurkeun sholat
Puasa tamat
Mere zakat
Kahaji mangkat
Pamadegan tepat
Awak sehat Bhatin wal afiat
Elmuna mangfaat
Boga bakat
Gawe giat
Pagaweanna maslahat
Rezeki ningkat Tutulung rikat
Ka sasama hormat
Tara ngumpat
Tara maksiat
Alam dirawat
Masyarakat kabengbat Luhur martabat
Loba sobat
Mindeung tirakat
Salawasna tobat
Meunang rahmat
Dunya nikmat Sugema akherat

Mulutmu

Ada seorang Ibu orang medan yg tengah mengantuk, mau tidur..
Lalu tiba2 ditanya sama anaknya; "Mak, mamak udah pernah injak Jakarta?"
Si ibu menjawab;
"Udah nak.."
Terus si anak bertanya lagi;
..."Kalo Bandung?"
si ibu menjawab;
"Udah anakku.."
Terus si anak bertanya lagi;
"Kalo Jogjakarta udah?"
si ibu menjawab;
"Udah."
Lalu si anak bertanya lagi;
"Kalo Surabaya, Makassar, Papua mak?"
Sambil menahan kantuk si ibu menjawab;
"Tidur lah nak, tinggal mulut kau aja lagi yang belum mamak injak..."

Irit

Caroge : Neng, ieu akang aya duit 50 rebu keur balanja saminggueun...sukur-sukur mun bisa mahi sabulaneun..
Istri : iih hatur nuhun pisan akang, katampi, tong bujeng-bujeng sasasih, atuh sataun ge tiasa cekap..
Caroge : emh..untung pisan akang mah boga pamajikan teh, bageur, geulis, perecit tur hemat deuih...na rek dibalanjakeun naon Neng..?
Istri : kalendeeeer kang..!!!

Anyar di jakarta

Pemuda Jawa : "Maaf, saya orang baru di Jakarta, baru datang dari Jawa...
apakah ini Tanah Abang?"
Pemuda Batak : "Oh bukan.... ini bukan tanah aku, sumpah! Aku juga baru datang dari Medan, jadi aku juga tidak tahu tanah siapa ini..."

Si Brewok

Dina beus nu keur nyemprung di jalan tol, aya hiji wanoja kabelet hayang kahampangan. kulantaran beus teu meunang eureun, eta wanoja ku konektur piwarang kahampangan ti lawang panto pengker, ngan edas, waktu keur kahampangan aya mobil patroli di pinggir jalan. langsung beus di udag di stop sina ka pinggir. polisi naek kana beus bari p...opolotot

" saha nu tadi nyiduh ti lawang tukang?"
teu aya saurang oge penumpang anu nuduhkeun, jigana karunyaeun ka si wanoja

"lamun teu aya nungaku, mobil ieu ditahan... teu meunang indit" ceuk pulisi bari panonna mureleng ka panumpang di awaskeun hiji hiji.

kulantaran teu aya nu ngaku, akhirna si wanoja teh ngaku ka pulisi sarta menta dihampura geus ngalakukeun kasalahan

" BOHONG!!.....pasti lain maneh! nu tadi nyiduhan mah lalaki brewokan" ceuk pulisi ngambek ka si wanoja

Panganten anyar

aya sapasang panganten anyar nu unggal poe ngabogaan menu, pas karek hudang isuk2 celengok salakina nyium tarang pamajikanna bari ngomomg menu sarapan,pas pabeubeurang celengok salakina nyium pipi pamajikanna bari ngomong menu makan siang,teu lila tidinya... jung salakina indit heula kaluar ..pas pasosore salakina bali...k ka imah kacida heraneunnana ninggali eta pamajikanna keur diuk dina luhureun magik jar, bari rupa heran tur aneh si salaki nanya, sayang naha bet diuk dina luhur magic jar? ari tembal pamajikanna ceunah pok na teh pan keur ngahaneutkeun menu keur makan malam.... hahahahahahahahahahahahahahaha​hahahahahahaha

Selasa, 12 Juli 2011

Sieun Jebol

Meri keur uplek ngobrol jung puyuh.
“Percumah anjeun mah, ngendog teh meni laleutik.” ceuk meri ngamimitian nyarita.
“Tah tempo atuh kuring... Ngendog mah kudu badag model kieu.”
...Puyuh cicing we teu nembalan.
“Dina urusan ekonomi oge kuring mah tangtu leuwih alus batan didinya. Endog kuring mah bisa di jual dua rebu perak. Ari didinya mah ngan bisa dijual saratus perak!” meri nyarita deui.
“Jadi sabaraha bedana endog kuring jeung endog didinya mun dijual?” Puyuh tungtungna nanya.
“Sarebu salapan ratus perak atuh!” tembal meri.
“Yeuh, dengekeun! kuring mah pang hoream-horeamna migawe pagawean nu picilakaeun teh.” ceuk puyuh nyarita deui.
“Maksud anjeun naon?”
“Enya, sabenerna mah gampang. Kuring ge bisa ngendog anu gedena sagede endog anjeun. Ngan hoream we.”
“Naha hoream?” meri jadi panasaran.
“nya hoream atuh. Pira ge ngudag duit sarebu salapan ratus perak, ari heug bujur kudu jebol mah.” ceuk puyuh bari ngaleos.

Rupa-rupa

Hiji mangsa dina pasosore abah Atep teh ngobrol jeung incuna nu rada2 "gering" nu ngarana Akep..
Abah : Ujang, ari abah mun keur pareng naek angkot sok nempo hiji wangunan
aya tulisan SPBU. Naon hartina SPBU teh?
Akep : Euh, dasar aki-aki teu gaul ieu mah. Yeuh abah! ari SPBU teh singkatan
eta teh.
...Abah : Singkatan tina naon SPBU teh?
Akep : Regepkeun Bah, S teh singkatan tina SOLAR.
Abah : Ooo.. solaaar.. ari P na naon?
Akep : Ari P mah hartina PREMIUM atawa PERTAMAX eta teh, Bah.
Abah : Bener... bener... Ari B na naon tah?
Akep : BENGSIN atuh
Abah : Duuh... bagja boga incu pinter teh. Ari U singkatan tina naon?
Akep : UYUP kabeh ku Abah eta mah..(bari tuluy lumpat)
Abah : Nitah nginum bengsin ka aing!! Dasar incu nurustunjung siah!!

Isuk-isukna saenggeus digelendeng ku abahna, si Akep indit ka sakola.
Dijalan panggih jeung si Enjum, babaturan sakelasna.
Ngadarongeng we eta dua budak olol leho teh...
Akep : Urang mah mun geus gede rek jadi sutradara euy.
Enjum : Wah, edun! Rek nyieun pilem atuh nya.
Akep : Puguh we. Urang mah rek nyieun pilem anu judulna gagah
tapi melankolis euy..
Enjum : Naon tah judulna?
Akep : Nu ka hiji judulna... Maafkan Rambo, Mama. Sedengkeun nu ka dua judulna... Tetesan Air Mata Hulk.
Enjum : *aral* Nggeus we siah nyieun pilem anu judulna.. Selembut Hati Sumanto.

Geus sakola beres teh eta 2 budak teh balik babarengan deui.
Ngalobrol deui we di jalan teh...
Enjum : Uing mah karunya ka si Ucok jeung nyi Uneh euy.
Akep : Kunaon?
Enjum : Eta we pedah teu disatujuan kawin ku kolotna pedah beda suku.
Akep : Deudeuh teuing atuh.Uing mah boga tatangga si Usep jeung nyi Darsih, sakitu beda suku ge angger we disatujuan ku kolotna masing2 nepi ka kawinna..
Enjum : Hah? ari kang Usep teh orang Batak kituh? maenya ngaran Usep orang batak euy...
Akep : Duanana ge urang Sunda euy. Ngan bedana ari suku nyi Darsih mah.. geus bodas teh bareresih, ari kang Usep geus hideung, budug.... rorombeheun deuih...
Enjum : ( aral deui ) Eta mah beda cokor belegug!!!

Domba

JANG Udin, Mahasiswa Peternakan tingkat akhir keur jalan-jalan, kabeneran panggih jeung tukang ngangon domba bari dibarengan ku reueus, Jang Udin nanya:

“Mang, kenging naros teu?”
...“Mangga aya peryogi naon aden?” cek tukang ngangon
“Eta domba meni sarehat kitu, dipasihan parab naon mang?”
“Anu mana den? Anu hideung anu bodas?” tukang ngangon malik nanya.
“Mmm anu hideung heula lah……..” Udin bari nunjuk.
Ooh pami nu hideung mah parabna jukut baseuh”
“Ooohh….pami anu bodas?”
“Sami nu bodas oge!” jawabna
“Hmmm…. kuateun leumpang sabaraha kilo meter unggal dintenna, mang?” Udin nanya deui.
“Anu mana den? Anu hideung anu bodas?” jawabna
"Mmm anu hideung heula lah……..”
“Anu hideung mah 4 kilo meter!”
“Ooohh….pami anu bodas?”
“Sami nu bodas oge!”

Jang Udin mimiti keuheul, terus nanya deui, “Sabaraha kilo hasil tina buluna unggal taun mang?” Udin nanya bari rada muncereng.

“Anu mana den? Anu hideung anu bodas?”
Udin (bari rada ambeuk): “Mmm anu hideung heula lah……..”
“Anu hideung mah 10 kilo unggal taunna!”
“Ooohh….pami anu bodas?”
“Sami nu bodas oge!”

Geus teu kuat nahan emosi, Jang Udin mimiti ngambek: “Ari ente kunaon sok ngabeda-bedakeun jawaban? Domba bodas, domba hideung, padahal jawabanna sarua!”

“Oh.. numawi kieu den, upami anu hideung mah kaleresan abdi anu gaduhna”
“Oh kitu, aduh! Hapunten atuh mang! Hapunten! Panyanten teh! Na upami nu bodas nu saha kitu?”

“Sami, anu abdi oge............

Pohoan

Geus dua bulan Propésor Oding dirawat ku Dokter Kodir. Teu gering teu naon, éstuning jagjag belejag. Pangna dirawat téh éta cenah, pédah kasakit limpeuranana kanceuh deui. Mangkaning keur ngahanca panalungtikan nu penting pisan keur balaréa.

Sajeroning ngubaran, Dokter Kodir ngeprik anak buahna, nepi ka tujuhan. Propésor dijaga beurang...-peuting, dalah keur saré gé dikemitan. Pangna kitu, bisi tina kasakit pohoan téh aya kajadian nu matak nyilakakeun Ki Propésor. Tapi ari geus mangsana, nya geletuk wé maot.

Dokter Kodir pada ngaréntog.

“Doktér, Propésor Oding téh apan jagjag belejag, henteu gering, ngora kénéh deuih. Kasakitna ukur pohoan wungkul, naha bet bisa maot?” cék hiji wartawan.

“Enya, sakitu dijaga ku tujuhan!” cék nu séjénna.

Pudigdig téh Dokter Kodir napsu. Terus hahaok hareupeun saréréa pok na teh :

“Lamun manéhna pohoeun ngambekan, rék kumaha siah?”

Kahayang


Pamajikan: “Cik atuh akang hirup téh sing aya kahayang cara batur!”
Salaki: “Na da uing gé aya kahayang mah.”
Pamajikan: “Hayang nanahaon ari akang?”
Salaki : “Hayang nyandung deuleu!”

Baragajul

Di rohangan pengadilan Hakim nitah ka pasakitan nangtung pikeun ngadengekeun tuntutan. “Anjeun didakwa tos ngarogahala tukang ledeng ngagunakeun ragaji!” Beres hakim macakeun tuntutan, aya salah saurang lalaki pengunjung sidang ngajorowok: “Kurang ajaaaar siah!” Hakim mimitina mah teu nganggap. Manehna nganggap eta lalaki teh kulawarg...a tukang ledeng nu boga dendam ka pasakitan. “Harap tenang! Ieu ruang sidang!” ceuk Hakim nenangkeun ka eta lalaki nu ngajorowok tadi. “anjeun, terdakwa didakwa oge geus ngarogahala tukang pos ngagunakeun palu!” “Goblog siah dasar!” si lalaki nu diuk di deretan pengunjung sidang ngajorowk leuwih tarik batan tadi. “Tenang! Tenang! Saderek bisa tenang? Saderek tong ngaganggu jalanna sidang!” ceuk Hakim bari terus neruskeun dakwaan berlapis ka pesakitan. “terdakwa oge dituntut hukuman sabab geus ngarogahala tukang es ku pacul!” “Pikasebeleun siah!” ceuk eta lalaki pengunjung sidang. Antukna Hakim oge ahirna kesel ka eta lalaki: “Ayeuna, lamun saderek tetep ngaganggu jalanna persidangan, saderek bakal dibawa oge ka korsi terdakwa kusabab geus ngaganggu jalanna persidangan. Tapi, lamun saderek bisa ngajelaskeun kunaon saderek bet jojorowokan ti tatadi, saderek bakal bebas tina tuntutan!” Si lalaki nu jojorowokan tadi terus ngomong: “Rek teu ambek jeung kesel kumaha atuh Pa Hakim! Kuring teh pan tatangga manehna salami kurang leuwih dua belas tahun! Tah, salila dua belas tahun teh unggal kuring nginjeum ragaji, palu, jeung pacul….manehna pasti ngomong: teu boga! Dasar koret..keked mengkene siah tatangga baragajul!!!”

Bujur Treuk

SOK nyenghel pikaseurieun mun kabeneran ningali kecap lucu nu ditulis di bujur treuk,beus kota jeung angkot. Aya ku kreatif eta kang supir, mangga geura urang titenan:

“TABAH MENANTI”
“Mabok bae”
“Ku Nanti Jandamu”
...NEW FEAR THE ME IS 3 –> Nyupir demi istri
AN3DIS (anti gadis)
!!! SEKARANG BAYAR, BESOK GRATIS !!!
“WWW. APKTNTAJ.COM” (www ape kate ente aje com)
“Ber 2 1 7 an” –> Berdua satu tujuan
CAN’T ARE ROCK –> Ken Arok
MER – 123 – LUCK –> Mertua Galak
THONK HE LOVE –> Thonk khilaf
“Anda butuh waktu,kami butuh uang”
“Naik Gratis,Turun Bayar”
“Ma2ku 1/3 dis” –> mamaku seperti gadis
THE ME anak IS 3 –> demi anak istri
“JANGAN DINIKAHI BILA SEGEL RUSAK”
“be are the kill us all come fuck” –>Biar dekil asal kompak
SO FEAR SHE N THINK —> Sopir Sinting
BE YOUNG CARE ROCK —> Biang Kerok
Alone By Must —> Alon bae Mas
CINTAMU TAK SEMURNI BENSINKU
CINTAMU TAK SETULUS CINTA EMAK GW
Ja500Let –> Jago Pelet
Setar, Setir, Setor
Moe K Sue Fear 1/3 Rong –> Muka Supir seperti garong
BURONAN MERTUA
“on any book an plumb pleasant” –> onani bukan plampiasan
“BERSATU DI PANGKALAN BERSAING DI JALANAN”
**Bercinta di Bis Berpisah di Terminal**
“STREET FIGHTER”
PUTUS CINTA… sudah biasa…, PUTUS ROKOK… merana…,PUTUS REM… matilah kita…
Cintaku Berat Di Bensin
MAN7jur —> Mantu jujur
JUM’AT KELABU —> Trayek Ps. Jumat – Pd. Labu
Mencari nafkah demi desah
JANDA BARU NENEN —> Trayek Juanda – Ps.Baru – Senen

tah nembe sakitu pamendak simkuring, nilik-nilik bujur treuk..

Nu Mabok

Hiji pamuda keur naek motor bari ngebut sataker kebek. Keur kitu, motorna ujug-ujug direm ngadadak kulantaran bisi nabrak hiji pamuda nu keur mabok di tengah jalan....
“Dasar Blegug! Mun mabok ulah di jalan atuh….!” ceuk nu tadi ngebut kesel jeung keuheul.
“Maneh nu blegug mah,” bales nu mabok. “Sakitu ngebut, nabrak wae teu keuna…”

Sunda Vs Barat

Upami urang nitenan, urang teh kedah reueus jadi urang sunda, da geuningan nagara deungeun ge nurutan urang, contona wae dina lagu-lagu sunda apan aya versi nagara deungeun saperti :

Budak Jalanan (My Way - Frank Sinatra)
Sarbo’ah (Hollaback Girl - Gwen Stefani)
Kabungbulengan (When I Fall In Love - Celine Dion) 
Pileuleuyan (Goodbye - Air Supply)
Neng Geulis (Pretty Woman-Ray Robinson & Beautiful Girl-Jose Mari Chan)
Potret Manehna (Picture of You - Boyzone)
Awewe Sapi Daging (Material Girl - Madonna)
Eplok Cendol (Fat Bottom Girl - Queen)
Cing Tulungan (Save Me - Queen)
Karatagan Pahlawan (Dispossable Heroes - Metallica)
Emen (Superman - Five for Fighting)
Berenyit (So Young - The Corrs)
Talak Tilu (Separate Wife - Phill Collins)
Linu (Unwell - Matchbox 21)
Jol (Wellcome Home - Metallica)
Bajing Luncat (Jump - Van Halen)
Kamana (Why Go - Pearl Jump)
Serat Salira (A Letter To - The Cure)
Sagagang Kembang Ros (Bed of Roses - Bon Jovi)
Bang Bung Ranggaek (Bang Bang - Gorky Park)
Mojang Priangan (Uptown Girl - West Life)
Tikamari (Yesterday - The Beatles)
Panon Hideung (Black Eyed Woman – Santana)
Ulah Ceurik (Don’t Cry - Joey Mc Intyre)
Nyi Entin (Valentine - Jim Brickman ft.Martina McBride)
Cinta Munggaran (First Love - Nikka Costa & Utada Hikaru)
Teu Aya Deui (I Have Nothing - Katherine McPhee)
Mawar Bodas (Desert Rose - Sting)
Es Lilin (Candle In The Wind - Elton John)
Kingkilaban (Starlight - Muse)
Patepang Deui (I See You Again - The Three Degrees)
Neneng (Oh Girl - Paul Young)

Nu Gelo

Aya nu gelo keur tatarucingan jeung baturna. Sarua pada-pada teu eucreug
gelo 1 :”Cing ieu teguh, naon anu dikeupeul ku dewek?” (bari ngeupeul siki salak).
gelo 2 : “Teng waja,”
...gelo 1 : “Hoyah nyalahan, da ieu mah anak ucing,” (bari bray mukakeun keupeulanana).
gelo 2 : “Nya sarua wae atuh, duanana oge bisaeun hiber”.
gelo 1 : “Is, beda. Ari tukang tembok mah beuki udud, ari kadu pentil mah teu bisa didahar”.
gelo 2 : “Ah, piraku! Pan kamari oge aya handapeun meja.."
gelo 1 : “Tah, mun kitu, jawaban maneh bener ayeuna mah ”

Sapi Tapos

hiji mangsa peternak sapi (salaki jeung pamajikan) nu di Pangalengan studi banding ka TAPOS ( nu mbah harto tea geuning ) , meh tiasa nyonto ngurus sapi nu unggul, bari abring-abringan di pandu ku instruktur na ti tapos.
Instruktur : Tah ieu sapi nu ageung bibitna ti nyu selan, sapi nu ieu tiasa kawin 5 kali sadinte’n.
Ibu : (bari noel ...ka salakina), tuh apana sapi ti nyu selan mah tiasa 5 kali, sadinte’n, apa tiasa teu?
Bapa :*&^%$#@ (salakina ngan ukur jame’dud) .
Instruktur : Tah pami ieu langkung ageung ieu mah, ieu sapi ti ustrali, ieu mah sadinte’n tiasa 10 kali kawin.
Ibu : teuh apana tiasa 10 kali ieu mah, apa tiasa teu (bari noel)
Bapa : (Bari ngagidir nafsu) ke ke keheula yeuh Instruktur ieu teh 5 jeung 10 kali kawin teh bikangna hiji.
Instruktur : Nya he’nteu atu pa!!! itu pan bikangna sakitu seueurna di kebon jukut.
Bapa: Tuh ibu! bikangna seueur kengeng teu bu?
Ibu : *&^%$# ( malik jamedud )